Dongeng Bahasa Sunda Kisah Buhun Gajah Eleh Ku Sireum

Dongeng Bahasa Sunda Kisah Buhun Gajah Eleh Ku Sireum. Sireum keur ngarariung dina liang. Sarerea saredih ku yana kajdian tadi isuk-isuk. Babaturannana nu keur ngagonyok dina sayangna paraeh lantaran katincak gajah. Lain saeutik-saeutik jumlahna teh, tapi aya rebuna nu pejetna ge. Acan nu caracad, aya nu pinced, aya nu kengkong, aya nu lolong, malah nu lumpuh ge rea, da sukuna parotong kabeh.

Keur kitu, torojol raja sireum, “Dengekeun nya ku sarerea....! urang sarerea ngalaman kacilakaan teh lain kakara sakali dua kali, tapi geus mindeng. Geus puluhan rebu dulur urang nu paeh kaleyek ku sakadang gajah nu kejam tya rarasaan. Lamun urang cariring bae, teu ihtiar neangan akal, tangtu kajadian kieu teh bakal terus-terusan kaalaman. Ku kituna, sok atuh ayeuna mah urang badami, kumaha akalna sangkan urang bisa maehan gajah. Tong sieun, sanajan gajah sakitu badagna ge lamun dikoroyok mah ku sarerea, pasti bakal eleh. Asal urangna sauyunan! Kumaha satuju....?”

“satujuuuuuuuu....!” ceuk nu ngariung, sorana mani ngaguruh. Sarerea pada ngaluarkeun usul katut pamanggihna. Sangges rada lila, ahirna mupakat rek nyieun pitapak, nyaeta mangrupa lobang nu gede tur jero di palebah liliwateun gajah. Dasarna lobang teh rek diceceban ku awi sareukeut. Engke lamun gajah ngaliwat ka dinya, tinangtu tigebrus sarta katiir ku seuseukeut awi, moal bisaeun hanjat deui. Geus kitu mah rob weh rek dikoroyok, dicarocoan ku sarerea.

Geus kitu mah, der weh gawe nyieun lobang teh dimimitian. Sanajan awakan lalembut, tanagana halengker, tapi kalah ku dikeureuyeuh, digotong royong ku sarerea mah, lobang nu aya badag nya jero teh, teu burung anggeus sapoe oge. Sangges lobangna jadi, pek dicarecaban awi beunang nyeukeutan. Geus kitu, luhurna ditumpangan malang-mulintang ku pangpung beunang mulungan. Geus marerenah terus luhurna dirungkupan ku jukut, dirarapih sina rata jeung taneuh. Atuh barang geus anggeus teh teu kaciri meueus-meueus acan, yen didinya aya lobang.

Buriak weh sireum teh bubar, terus nyarumput buni teu jarauh tidinya. Sarerea ngarintip, sarerea deg-degan, sarerea teu sabar ngadagoan gajah ngaliwat. Teu kungsi lila geblig, geblig....geblig datang! Awakna can katembong ge, gebleg-gebleg lengkahna mah geus kadenge. Taneuh geus karasa eundeurna. Juringkang! Juringkang! Gjah mimiti katembong. Beuki lila beuki deukeut .....srog ka lebah sireum nyarumput....geblig!.... geblig!.....gebrus! gajah tigorobas kana lobang, sorana mani ngagorobas! Pangpung, jujukutan, dangdaunan, taneuh, racleng kaplecengkeun ku nu tigebrus!

“Oeeeek.....Oeeeekk....oeeeek....” gajah gugurubugan, tulalena bubak babuk, sirahna teuteunggar. Tapi sanajan adug lajer ge, gajah teu bisa hanjat. “serbuuuu....!!” raja sireum ngagorowok ngomando. Burudul sireum kaluar ti panyumputannana. Gajah beuki motah, awakna pinuh di tapuk ku sireum. Aya nu pating sulusup kana ceulina, sawareh kana panonna, akan sungutna, sawareh kana liang tulalena, bari teu reureuh patingjeletot nyarocoan. Puguh we kanyeri gajah teh lain rasa-rasakeuneun. Tungtungna rumpuyuk nambru di jero lobang. Empes, empes....les weh gajah teh paeh.

Geeerrr....sireum surak bari patingalajrug! Tah, ti harita mah ka sireum tara aya nu ngaganggu, boh gajah deui, boh sato sejen. Da meureun pabeja-beja, yen sireum mah najan leutik tapi sauyunan. Singsaha nu ngaganggu pasti dikerepuk.

0 Response to "Dongeng Bahasa Sunda Kisah Buhun Gajah Eleh Ku Sireum"

Posting Komentar