Dongeng Bahasa Sunda Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau

Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau - Kebanyakan dongeng bahasa sunda mengambil tema binatang atau dalam bahasa sunda berarti sasatoan. Ada dongeng bahasa sunda yang bercerita tentang kura-kura atau dalam bahasa sundanya berarti kuya, ada yang bercerita tentang monyet, buaya, gajah, dan lain-lain.
Kali ini Arena Berbagi akan share dongeng bahasa sunda yang berjudul Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau, jika didalam bahasa indonesia ini berarti seekor kura-kura dan seekor monyet menanam pohon pisang.
Sebelumnya Arena Berbagi juga sudah membagikan Dongeng Bahasa Sunda Kabayan, Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Sasatoan, Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Kabayan bagian 2, dan Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2. Untuk membacanya, silahkan klik link nya.

Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau

Anu pundung teh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyet geus datang deui nyampeukeun ka Sakadang Kuya.
"Sakadang Kuya!"
"Kuk!"
"Keur naon?"
"Ah biasa we keur moyan," tembal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. "Ari tadi peuting sare dimana Sakadang Monyet teh?" Sakadang Kuya malik nanya.
"Diditu, di deukeut kebon Pa Tani."
"Baruk? naha Maneh teu sieun ku Pa Tani?"
"Ah, henteu, da Pa Tani na oge areuweuh. Imahna oge katenjo kasorong. Jigana keur arindit jauh."
"Kade ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani teh manusa. Manusa tea hararek jeung sagala beuki deuih!"
"Sing percaya we atuh ka uing!"
Jempe sajongjongan. Pok Sakadang Monyet nyarita deui.
"Lain Sakadang Kuya, uing teh kabita ku Pa Tani."
"Kabita kumaha?"
"Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura bae, mun hayang barangdahar, teu kudu kukuriling heula neangan dahareun cara urang. Beas kari nutu. Atuh deungeunna karai ngala di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daek ngalana. Kabeh aya di kebonna."
"Atuh kudu daek ngebon Jang, mun hayang kitu mah."
"Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang baranghakan teh kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala we di kebon."
"Alus tah Jang, pikirang teh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?"
"Ku lantaran uing mah karesep teh cau, kumaha upama melak tangkal cau?"
"Hih, da uing oge resep kana cau mah!"
Duanana sapagodos rek melak cau.
"Tapi di mana melakna?" Sakadang moonyet nanya.
"Ah, didinya we tah, di hilir, disisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku urang dikebonan teh. Tanahna oge alus di dinya," tembal Sakadang Kuya.
"Naha lain di girang we atuh, deukeut ka basisir?"
"Di dinya mah tanahna kurang hade, geus campur jeung keusik."
Sapuk bae rek ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rek ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina ayana oge, moal ambek sugan ari dipenta binih cau mah. Asal ulah diala cauna we, komo anu geus asak dina tangkal mah.
Bring atuh Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet indit ka kebon Pa Tani.
"Ari Sakadang Kuya rek melak naonana?" Sakadang Monyet nanya.
"Uing mah rek melak anakna we."
"Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah."
"Eh da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna."
"Ah, teu kitu! Uing mah rek melak jantungna we," ceuk Sakadang Monyet.
"Naha?"
"Ari Sakadang Kuya, bodo teh dibeakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau teh asalna tina jantung. Anu matak uing mah arek melak jantungna, ambeh tereh kaala buahna," ceuk Sakadang Monyet bari semu ngece ka Sakadang Kuya.
"Ah, uing mah rek nurutkeun tali paranti we, melak anakna, anak cau."
"Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ayeunamah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!" ceuk Sakadang Monyet, yakin pisan.
Caritana etta dua sobat teh gues marelak cau di tanah nu di sisi leuwi tea. Sakadang Kuya melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyet melak jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau teh ditareang.
"Sakadang Kuya, pelak cau teh geus kumaha?" Sakadang Monyet nanya.
"Karak lilir uing mah. Ari nu Sakadang Monyet geus kumaha?"
"Geus beukah, sakeudeung deui oge geura bijil buahna," ceuk Sakadang Monyet, bungah naker.
Samingggu deui ti harita, maranehna nareang deui pelak cauna.
"Sakadang Kuya, pelak cau teh ayeuna geus kumaha?" ceuk Sakadang Monyet.
"Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyet kumaha?"
"Pelak uing mah atung-atung eneh ae," tembal Sakadang Monyet ngabelehem. Maksudna mah jantung-jantung keneh bae.
Selang saminggu, pelak cau teh ditareang deui.
"Ayeuna geus kumaha pelak cau teh," Sakadang Monyet nanya.
"Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyet?"
"Atung-atung eneh ae."
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedean, malah morontod jadina oge, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyet mah, tibatan jadi kalah ka buruk.
Nampuyak digembong laleur.
"Ning alah uyuk sia mah!" ceuk Sakadang Monyet bari nalapung pelak jantungna. Sakadang Kuya uruk mesem nenjo kalakuan Sakadang Monyet kitu teh. Na jero hatena mah nyeungseurikeun, bari gegerentes, "Dasar kokolot begog! Henteu umum atuh melak cau jantungna mah!"
Ahirna di dinya teh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep we, teu diteang-teang deui. Engke cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rek diteang deui bari sakalian diala.

Itulah Dongeng Bahasa Sunda Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau. Gimana, lucu gak ceritanya ? Dongeng Bahasa Sunda Sasatoan memang dongeng yang sangat terkenal diantara orang-orang sunda, khususnya orang-orang sunda jaman dahulu. Saya masih inget saat masih kecil ketika ayah saya sering "Ngadongeng" atau bercerita tentang dongeng dalam bahasa sunda, saya dan adik saya sangat senang sekali mendengarkannya, sambil ketawa-ketawa karena lucu. Biasanya setelah selesai ngadongeng, dia selalu memberikan nasihat apa yang terkandung didalam dongeng yang dia ceritakan. Karena seperti yang kita tau, selain lucu, dongeng-dongeng bahasa sunda mengandung nasihat dan hikmah dari setiap ceritanya, setidaknya saya dapat dari ayah saya.
Sekian, semoga bermanfaat.

2 Responses to "Dongeng Bahasa Sunda Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau"